1 Samuel 28
Dina hiji mangsa urang Pelisti mepek balad arek merangan ka Israil. Akis ngalahir ka Daud, "Saderek tangtos maphum yen saderek sareng balad-balad kedah ngabantu perang ka sim kuring."
Waler Daud, "Kantenan. Sim kuring teh bawahan saderek. Mangga engke tingalikeun sim kuring kumaha." Waler Akis, "Sukur. Ana kitu mah sae jadi pangawal sim kuring bae atuh saterasna."
Harita Samuel geus pupus, dikurebkeun di kota pangcalikanana di Ramah. Bangsa Israil prihatin katinggal ku anjeunna. Sarta harita teh sakabeh tukang torah jeung tukang manggil arwah ku Saul geus diteuayakeun di Israil.
Pasukan-pasukan Pelisti geus masanggrahan di kota Sunem. Saul oge geus ngumpulkeun balad Israil, masanggrahan di Gunung Gilboa.
Barang anjeunna ningali kakuatan wadya balad Pelisti, kacida gimireunana.
Seug naroskeun pilampaheun ka PANGERAN, tapi ku PANGERAN teu diwaler, boh ku lantaran impenan boh ku Urim jeung Tumim, boh ku lantaran nabi.
Ku sabab kitu anjeunna nimbalan ka para gegeden, "Kami pangneangankeun tukang nyarumah rek menta pituduh." Walonna, "Aya saurang, di En Dor."
Ti dinya Saul ganti anggoan, nyamur. Reup magrib bral angkat diiring ku dua jelema, kersana rek nepangan awewe tukang nyarumah tea. "Kuring panghudangkeun arwah, pangnanyakeun kuring bakal kumaha," saurna ka eta awewe. "Pangmanggilkeun arwahna jelema anu ngaranna engke disebut ku kuring."
Ceuk eta awewe, "Ah, kawas nu teu terang bae kumaha kerasna Raja Saul ngusiran tukang-tukang nyarumah jeung tukang-tukang metangan ti Israil. Rek ngadoja, ngarah Ema dipaehan?"
Saul sumpah, "Kuring nanggung Ema moal dihukum. Kuring sumpah demi PANGERAN anu jumeneng!"
"Saha anu ku Ema kudu dihanjatkeun teh?" ceuk eta awewe. Saur Saul, "Samuel."
Barang eta awewe nenjo Samuel, goak bae ngagoak sarta pokna ka Saul, "Gusti ngalejokeun! Geuning Gusti teh Raja Saul!"
Saur raja, "Tong sieun! Naon nu katenjo?" Jawabna, "Ningal arwah hanjat ti jero taneuh."
Saur Saul, "Kumaha rupana?" Jawabna, "Jalmi sepuh, nganggo harudum." Kagalih ku Saul tangtu eta teh Samuel. Brek anjeunna mando.
Samuel mariksa ka Saul, "Bade naon ngusik-ngusik, ngahanjatkeun Bapa?" Waler Saul, "Putra nuju kalintang ewedna. Urang Pelisti bade merangan. Turug-turug putra parantos ditilar ku Allah. Mantenna teu kersaeun deui ngawaler, boh ku nabi boh ku impenan. Kitu nu mawi nyambat ka Bapa, nyuhunkeun pituduh."
Saur Samuel, "Atuh ari parantos ditilar sareng dimusuh ku PANGERAN mah ku naon nyambat ka Bapa?
Da kadar hidep kitu teh kapan Mantenna anu nimbalkeunana oge ka hidep, Bapa mah darma mangnepikeun, nya eta: Karajaan Israil dicandak ti hidep, diselehkeun ka Daud.
Eta teh bongan hidep geus ngarempak timbalan PANGERAN, nya eta bangsa Amalek jeung harta bandana ku hidep henteu ditumpurkeun sama sakali. Nu matak ayeuna hidep dikitukeun ku PANGERAN.
Hidep jeung bangsa Israil ku Mantenna bakal diselehkeun ka urang Pelisti. Isukan hidep jeung anak-anak anu lalaki bakal ngahiji jeung Bapa di dieu. Wadya balad Israil oge ku PANGERAN bakal diragragkeun ka urang Pelisti."
Bluk Saul tibeubeut, nangkuban kana taneuh, kacida ngaraos sieunna ku eta kasauran Samuel. Mana geus lungse da geus sapoe sapeuting teu tuang-tuang.
Ku eta awewe disampeurkeun, kaciri pisan yen eukeur baluas. Pok eta awewe teh unjukan, "Gusti, abdi tutas nyumponan pamundut, kantun nyanggakeun pati hurip.
Ayeuna sawangsulna mugi kersa ngadangu panuhun abdi. Geura tuang, supados kiat angkat ari mulih. Ku abdi bade disayagikeun."
Saul teu kersaeun, saurna moal tuang. Tapi bawaning ku diririhan ku eta awewe kitu deui ku pangiringna, tungtungna kersaeun oge. Neut cengkat tina taneuh, gek calik dina bale-bale.
Ku eta awewe geuwat dipangmeuncitkeun anak sapi kabiri, dipangnyieunkeun roti anu henteu make ragi.
Sanggeus tarapti diolahkeunana tuluy dihaturkeun ka Saul jeung pangiringna. Prak taruang. Geus kitu tuluy mulih peuting eta keneh.